KHUTBAH



KHUTBAH IDUL FITRI

Khutbah ka hiji


لله اكبر  (9X  )  الله اكبر  كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة واصيلا.
الحمد لله الذي جعل هذا اليوم عيدا لعباده المؤمنين , وختم به شهر الصيام للمخلصين ,  وجعل من طاعته عز الدنيا والأخرة للطائعين ,  وفى معصيته ذل الدارين  للعاصين .
أشهد أن لاإله إلا الله شهادة تطهر القلوب من الغشي اللعين ,  وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله أطوع الخلق للعالمين . 
أللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد خاتم الأنبياء والمرسلين ,  وعلى أله وأصحابه المجاهدين الطاهرين ,  أمابعد : فياأيهاالحاضرون الكرام أوصيكم عبادالله وإياي بتقوى الله فإنها شعار المتقين ووصية الله للناس أجمعين , أعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم : قد أفلح من تزكى, وذكر اسم ربه فصلى, بل تؤثرون الحيوة الدنيا, والأخرة خير لك من الأولى.

Allohu Akbar 9 x Laailaaha Illallohu Wallohu Akbar, Allohhu Akbar Walillahilhamdu.
Sadaya puji kagungan Alloh anu parantos ngjantenkeun dintenan ieu, dintenan kabingah sareng susuguh pikeun hamba-hamba Alloh anu ariman.
Sareng parantos nungtungan sasih shiam pikeun jalmi-jalmi anu arikhlas sareng parantos ngajantenkeun tina ladang tho’atna kenging kamulyaan didunya sareng diakherat pikeun jalmi-jalmi anu tho’at sareng dina ma’siatna kenging kahinaan anu luar biasa pikeun jalma-jalma anu doraka.
Sholawat miwah salam mudah-mudahan dilungsurkeun salamina kapanutan alam anu janten panungtungan para Nabi sareng para Rosul. Oge ka Kulawargina ka para Sahabatna anu berjuang dina jalan Alloh kanggo tegakna syare’at Islam dimuka bumi anu suci tur bersih tina laku ma’siat sareng doraka ka Alloh.
Khotib dina ieu khutbah wasiyat khusus ka pribadi khotib umumna kasadaya jama’ah ahli Ied supados tiasa ningkatkeun kataqwaan ka Alloh kujalan turut sareng tumut kana piwarangannana sareng nebihan kana sadaya larangannana kanggo mencapai pribadi-pribadi anu taraqwa.
Allohu Akbar 3 x Laailaaha Illallohu Wallohu Akbar, Allohhu Akbar Walillahilhamdu.
Alloh anu maha agung, anu maha bijaksana, anu maha gagah perkasa mandraguna, anu nyiptakeun langit sareng bumi oge saaya isina.
Alhamdulillah dina dinten ieu umat Islam tigolongan pameget sareng istri anu sepuh sareng anu anom timimiti tingkatan anu paling handap dugikeun ka tingkatan anu paling luhur, nyambut ieu dinten anu pinuh kurasa gumbira sarta wajah marahmay, bari ngaguruh ngagungkeun Alloh ku maoskeun Takbir, Tahmid, sareng Tahlil.
Dina poe ieu pisan ummat Islam nyambut iedul fitri kurasa syukur ka Alloh, lantaran ngan ukur ku rohmat sareng kurniana, urang parantos lulus dina ujian ngalawan hama nafsu, ngalaksanakeun  puasa dina jero sasasih sarta peutingna diisi ku sholat taraweh, maos al Qur’an, sareng ibadah-ibadah anu sanesna mudah-mudahan sadaya amal ibadah anu ku urang dilaksanakeun dina sasih shiam khususna, dina sasih anu sanesna umumna di tampi ku Alloh SWT.
Hadirin sidang ‘Ied Rohimakumulloh.
Urang dididik, digembleng, dilatih dina jero sasih shiam saleresna eta kedah direalisasikeun dina sabelas sasih anu bakal dongkap. Dina sabelas sasih eta urang bakal meunang ujian anu kacida pisan, justru didinya anu disebut jihadunnafsi.
Teu sakeudik jalmi anu puasa anu tangtos nahan diri tina tuang atanapi ngaleueut anu dihalalkeun dina waktos shiam oge teu sakeudik anu puasana sadaya ngiringan puasa, tikawit panon, cepil, dugikeun kasampean, sadaya anggotana dhohir sareng bathin nahan tina pangajak syetan tapi teu sakeudik jalmi anu puasa dina sasih shiam teu mampu nuang atanapi ngaleueut barang anu diharamkeun, diluar Ramadlanmah sok nuang, ngaleueut sareng miboga barang riba (barang anu diharamkeun). Teu sakeudik oge jalmi anu puasa dina sasih Ramadlan, nahan tina hawa syaetoniyyah, tapi diluar Ramadlan wantun ngalakukeun hal-hal anu dilarang ku agama. Kumargi sakitu urang ulah teuing adug-adugan, teterejelan hayang meunangkeun banda bari teu ngalirik kana halal jeung haramna, keur belanja dipoe lebaran. Padahal baju anu anyar eta ngan simbol jeung kagaliban wungkul. Anu pentigna mah nyaeta kathoatan urang kedah langkung tambih sareng tebih tina ma’siat ka Alloh, sakumaha di carioskeun ku salah sawios ulama :
ليس العيد لمن لبس الجديدو لكن العيد لمن طاعته تزيد وعن المعصية بعيد
Hakekat lebaran teh lain berarti pedah make pakean weuteuh, sagala aya sareng sagala diteangan, tapi lebaran anu sanyatana nyaeta anu hatena salamina eling ka Alloh kujalan tambih-tambih dina tho’at sareng tebih tina ma’siat, margi Alloh moal ningali kana dhohirna badan tapi Alloh bakal ningali kana eusi hatena sakumaha pidawuh Anjeuna :
ان الله لا ينظر الى صوركم  ولا اجسامكم  ولكن الله ينظر الى قلوبكم
Hadirin sidang iedul fitri anu bahagia
Alloh SWT ngadawuh dina al Qur’an surat al a‘la ayat 14, anu uggelna :
قد افلح من تزكى  ....
Anu pihartoseunnana : saestuna bagja jalma anu ngabersihkeun dirina.
Ulama ahli tafsir ngajelaskeun, yen maksud tina ngabersihkeun didinya nyaeta ngbersihkeun diri ku kaimanan ka Alloh SWT. Din hal ieu iman kadang nambahan kusabab midamel amal hade, kadang ngirangan lamun betah dina ma’siat ka Alloh.
Urang salaku ummat Islam, kedah ngbiasakeun diri kana midamel amal sholeh, sabab lamun berbicara secara psikologi “ hiji perkara anu dipigawe leuwih tisakali lila kalilaan bakal jadi biasa lamun geus biasa bakal jadi bisa, lamun geus biasa bakal jadi watak, lamun geus jadi watak bakal jadi sifat, lamun geus jadi sifat bakal jadi pribadi (asa jadi diri sorangan).
Terasan tina ayat anu tadi diaos dilihur :
وذكر اسم ربه  فصلى
Hartosna : “ sareng manehna inget kapangeranna teras ngalaksanakeun sholat “.
Atuh jadi dina dua ayat eta Alloh nerangkeun jalma anu bakal menang kabagjaan the aya tilu katagori :
  1. Anu ngabersihkeun dirina ku kaimanan
Berangkat ka kantor iman dibawa, berangkat ka pasar iman teu ditinggalkeun, berangkat dagang iman ngabarengan, kamana wae indit iman menyertai, jadi diri teu wani ngalakukeun hal anu dilarang ku agama, da ngaraos isin ku Alloh, ngaraos dipencrongkeun sadaya tngkah laku urang.
  1. Anu salamina Inget ka Alloh, kujalan ngagungkeun kana asma-asmana, disusul ku jinan jeung arkan oge milu dzikir, biwirna unggal detik baseuh kumaca tasbeh. Hatena ngait patali asih jeung alloh lir ibarat gula jeung amisna, uyah jeung asina estuning teu bisa dirina jeung Alloh.
  2. Anu teu petot-petot ngalaksanakeun sholat anu lima waktu.
Lamun ku urang dipikir dina ngalaksanakeun amal sadaya oge pasti panggih jeung nu ngaran kacapean, digawe ripuh, nganggur ripuh ku nganggurn meuning digawe, tuluy lamun dibandingkeun antara sholat jeung ulin sholat cape, ulin ogenan cape meningan sholat ganjaran menang oge urang termasuk jalmi anu nyepeng pageuh kana ka Islaman. Da sholat lain keur alloh taoi keur urang seperti budak leutik anu dititah mandi ku indungna, eta budak embbung, tuluy dipaksa dibuka bajunan, dimandian. Disabunan, tos beres make anduk, make bedak, eta budak asalna kotor kucel tapi tos dimandian mah eta budak ngarasa seger. Segerna lain keur indungna, tapi eta budak anu ngarasakeun nana.
Sabada urang tiasa ngarealisasikeun tilu katagori anu tadi anu didawuhkeun ku Allo dina surat al ‘Ala ayat 14-15, mudah mudahan urang tiasa memilih sareng memilah mana kahirupan anu abadi jeung mana kahirupan anu sementara, da yakin sadaya amal sae anu parantos dilaksanakeun eta pisan pibekeleun engke diakhirat.
بل تؤثر ون الحياة الدنيا والاخرة خير وابقى
بارك  الله لي ولكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل الله منى ومنكم تلاوته انه جواد كريم رؤوف رحيم.

Khutbah kadua


 الله اكبر  (7x  )  الله اكبر  كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة واصيلا.
الحمد لله  الذى أعاد الأعياد وكرر,  وأطال ألأعمال الى ادراك هذا اليوم وأخر ,  وأجاز الصائمين بجزيل الثواب وكمل الأجر المؤفر ,  أحمده سبحانه أن خلق وصور ,  وأشهد أن لاإله إلاالله وحده لاشريك له الملك فى المحشر ,  وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله المبعوث الة الأسود والأحمر ,  أللهم صل وسلم على النبي المعتبر ,  سيدنا محمد وعلى أله وصحبه الفائزين بالشرف والفضل الافخر ,  أما بعد : فياأيها المسلمون أوصيكم بتقوى الله فقد فاز المتقون, أعوذ بالله من الشيطان الرجيم ,  وسارعوا الى مغفرة  من ربكم وجنة عرضها السموات والارض أعدت للمتقين ,
 إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيهاالذين أمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما, أللهم صل وسلم وبارك أمين يارب العالمين ,  اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والاموات إنه سميع قريب مجيب الدعوات وياقاضي الحاجات ,  اللهم انصر من نصر الدين 3x  واخذل من خذل المسلمين 3x ودمر أعدائنا أعداء الدين برحمتك ياأرحم الراحمين , اللهم تقبل منا صيامنا وصلاتنا وركوعنا وسجودنا وصدقتنا وكفر عنا سيئاتنا واهدنا وانصرنا نصرا عزيزا , ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى الاخرة حسنة وقنا عذاب النار والحمدلله رب العالمين.
عباد الله إن الله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون ولذكر الله أكبر والله يعلم ماتسمعون.



BISMILLAH. KHUTBAH 'IDIL ADHA 1424 H / 2004 M.
الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر-                    الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر-لا إله الا الله هو الله اكبر،  الله اكبر ولله الحمد. الحمد لله حمدا كثيرا. وسبحان الله بكرة وأصيلا. لا إله الا الله ولا نعبد الا إياه محلصين له الدين ولو كره الكافرون. لا اله الا الله وحده، صدق وعده، ونصر عبده، وأعز  جنده، وهزم الأحزاب وحده . لا إله الا الله هو الله اكبر، الله اكبر ولله الحمد. اشهد            ان لا اله الا الله وحده لا شريك له،  واشهد أن محمدا عبده و رسوله لا نبي بعده. اللهم صلى على سيدنا محمد وعلى ازواجه واولاده وأصحابه وتابعه وأمته ومن تبعهم بإحسان الى يوم القيامه. أما بعد: فيا عباد الله أوصيكم ونفسى بتفوى الله وطاعته لعلكم تفلحون فى الدنيا والأخره.
TAQWA BINIH KASUBURAN JEUNG KAUNTUNGAN

Maha Agung Alloh SWT, Dzat anu parantos maparin nikmat hirup sareng hurip ka urang sadayana. Kalayan Ridlo, Taufiq, sareng Hidayah manten-Na, urang sadaya tiasa deui patepang raray, kumpul ngariung dina dintenan agung, dintenan lebaran Qurban, atanapi 'Idil Adha, tawis bukti, bentuk maksimal pengorbanan Akbar, anu dimimitian ku Nabiyulloh Ibrohim AS, sanggem ngabuktoskeun Iman dina kayakinan, percaya kana Wahyu Alloh, teu mendag-mayong, teu gimir-teu ringrang, nu dipiwarang meuncit putrana, Kangjeng Nabiyulloh Isma'il AS, generasi nu ngan sahiji, buah cinta-belahan hate, anak samata wayang, pelanjut perjuangan, calon Mujahid, ti Siti Hajar RA.
Shalawat sinareng Salam Kawilujengan, tansah ginulur, sapapaosna, mugia dilungsurkeun kanggo Panutan Alam, Rosululloh, Panutup jeung Gustina para Rosul-Para Nabi, Muhammad SAW.
Hadirin, Para Jama'ah 'Idil Adha nu dimulyakeun Ku Alloh SWT!
Gelegerna Pujian Takbir, Tahlil, jeung Tahmid dina enjing-enjing nu endah ieu, Muji ka Alloh teu liren-liren. Nyaeta mangsana ragem sadaya kaum Muslimin sa jagad, madepkeun pamenteu, yakin ka Alloh SWT, Pangeran nu ngan sahiji, teu aya duana, teu aya contona, teu putraan jeung teu diputrakeun, Alloh Robbul 'Izzati, teu pernah ka kekeunaan nundutan, komo kulem, sanajan ngan sakarijepan. Alloh SWT, nu geus ngempelkeun wargi urang sadayana, sadunya, di padang Arapah, kunci kasampurnaan ngalaksanakeun Rukun Islam kalima, Ibadah Haji, dulur urang nu kenging uleman ti Alloh SWT, nu mudah-mudahan dipaparinan kakiatan ngalakukeun  pasaratan sareng kawajiban Ibadah Haji, dijagjagkeun, disehatkeun, dijembarkeun atina, dikuatkeun kayakinannana, dipasihan ganjaran anu tiasa ngaleberan sakuriling bungking jagad, nu, mudah-mudahan pangleberanana tiasa dugi ka urang sadaya, nu aya di Indonesia-Jawa Barat-Ciamis, khususna Umat Islam Nu aya di Kampung Panyingkiran. Aranjeuna marulang ti Tanah Suci, sing dijantenkeun Haji Mabrur, nu teu aya deui balesanana, iwalti Sawarga. Urang sadayana, nu jadi tatanggana, sing dicaang-padangkeun atina, generasina, sing dijadikeun generasi nu saroleh, palinter, balener, rinceng Ibadahna, getol neangan ilmuna, rajin neangan rizqina, dibeungharkeun, dilempengkeun, pikeun tetep yakin, Alloh SWT, dina sakolepat, tiasaeun ngarobah, nu badeur sing jadi bageur, nu koret sing jadi nyaahan ka sasama, nu ripuh sing jadi sugih-mukti, nu teu pati getol Ibadah sing jadi jalma nu daekan ka Masjidna.
Ti kawit cahaya pajar tadi di palih wetan nyingraykeun lelangse peuting, dugi ka surupna sarangenge di palih kulon, dina kaping 13 Dzulhijjah, anu kawentar disebat poean Tasyriq, kaum Muslimin satungkebing dunya, aya dina seahna muji Ka Alloh SWT, tuluy-tumuluy, ngucapkeun Takbir, Tahlil, jeung Tahmid. Kalimah eta, ngaguruh, ngageterkeun eusining bumi katut langit, minuhan awang-awang, nyangredkeun ka-Makripat-an, moal robah kayakinan, pangeran atawa Tuhan, ngan hiji, sahiji-hijina,… Alloh SWT.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Dintenan ieu, khususna, urang sadaya, mieling lalakon nu kantos kasorang ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS sareng putrana. Ngaguratkeun kayakinan dina hate, ku mencit hewan kurban. Ngamparkeun karaharjaan, ngajembarkeun parizqian nu dipaparinkeun ku Alloh. Anu manpa'atna, lewih nguatkeun tali mimitran diantara para dulur, antara nu kaya jeung nu teu boga, ngabagikeun daging kurban, kanu teu pati remen ngadahar, ngagedatkeun tali tulung-tinulungan, buktos ngahijina cangred Shilaturrahmi Umat Islam. Sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur'an.
انا أعطيناك الكوثر* فصلى لربك وأنحر* إن شانئك هو الأبتر*.
Hartosna: "Saestuna Kami geus maparin nikmat anu kacida lobana ka maraneh. Ku sabab eta, maka maraneh kudu ngadegkeun Shalat jeung kudu Kurban karana Pangeran maraneh. Saestuna nu ngewa ka maraneh, eta teh jalma nu pegat kahadeannana".
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Hadirin Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Dina detik-detik ieu, urang pantes pikeun sukuran. Kumargi, urang sadaya tambih sadar, yen manusia dibandingkeun sareng makhluk Alloh lianna, makhluq pang lemah-lemahna, teu daya, teu gaduh kakuatan. Malahan, manusa teu banding jeung keusik-kesik acan, dibandingkeun lautan kajembaran tur kaagungan Alloh SWT, teu sabanding jeung sakeclak cai nu aya di samudra, dibanding jeung sagara Rahman-Rahim-na Alloh SWT. Pernah urang ngitung, sabaraha kali ngiceup, samenit, sabaraha kali empesan sa-jam,… sapoe,… saminggu,… sabaraha cangkireun, cai kahampangan dina satahun… Hal saperti kieu, bisa dijadikeun sumber kasadaran urang sarerea.
Alam nu ngaplak ieu, hiji tawis bungkeuleukan, nu langkung eces tina kaagungan Alloh SWT. Sarta mangrupikeun lambang kakawasaan Alloh nu tohaga. Nu ngajadikeun manusa bengong-hookeun. Tapi hanjakal, kabiasaan urang salaku manusa, sok ngaruksak rarasaan kata'juban.. ku Nafsu sorangan.
Soca sareng pangrungu urang, kadang-kadang teu malire kana sagala nu ditingal sareng nu didangu, malah kalah api-lain, seolah urang teh, teu pernah narima paparin Rahman jeung Rahimna Alloh SWT. Urang hilap, yen sagala rupi nu aya di sakuriling bungkingeun urang, tawis kana kanyaah sareng Maha Agungna Alloh SWT. Geuning nyaan, nikmat ti Alloh SWT, sakitu teu ka itungna. Wajar jeung pantes, lamun Alloh miwarang Makhluqna nu mampu, pikeun mikanyaah nu teu mampu, ku menta, pangbungahkeun aranjeunna, ku ngabagi hewan kurban.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Hadirin Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Dina enjing-enjing nu endah ieu, urang ngorejat hudang tina keleleban. Sadaya paraosan sareng pangakuan urang kana kakawasaan sareng kaagungan Alloh SWT, urang buktoskeun dina urapan Takbir, Tahlil, Tahmid jeung Taqdis, nu ku urang digemakeun.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Tos dugi kamana, nerapkeun sagala kedal ucapan sareung Dzikir urang teh?. Leresan ieu, urang sukuran, yen ku ibadah nu dilaksanakeun sadidinten, tos mere ajen anu kacida lelebna kana Iman urang ka Alloh SWT, tur nyingraykeun kasadaran urang nu langkung pinunjul pikeun ngahontal udagan hirup nu samistina, nyaeta Taqwa. Dawuhan Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 21, nu unggelna:
يا أيها الناس أعبدوا ربكم الذى خلقكم والذين من فبلكم لعلكم تتقون.
Hartosna: "Yeuh manusa!, Prak aranjeun geura Ibadah ka Pangeran aranjeun, Pangeran anu geus nyiptakeun aranjeun katut jalma-jalma samemeheun aranjeun".
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو اكبر ولله الحمد.
Hadirin Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Taqwa teh, ajen nu pangmulyana. Taqwa teh, geleuhna kahirupan, anu salawasna jadi udagan setiap jalma Muslim. Alloh SWT, salawasna ngajurung-laku ka manusa, sangkan ngahontal darajat Taqwa, sarta ngamulule, naha Taqwa teh geus kapibanda atawa can kapiboga?. Alloh SWT ngawajibkeun  ka manusia pekeun Ibadah, malah-mandar jadi jalma nu Taqwa. Sabab, ku Taqwa eta, bisa nancebkeun akhlaq nu mulya, anu pangaruhna, sanes wae keur diri nu ngamilikina, tapi, oge keur balarea.
Manusa nu geus hasil ngahontal darajat Taqwa, terus satekah polah miara jeung mertahankeun, dipeunteun minangka jalma anu sukses Ibadahna. Manehna lir ibarat hiji tangkah anu alus, anu dipelak, sarta dipiara. Terus eta tangkal teh buahan, lebet-tur baradag, nu akibatna didahar eta buah ku nu melakna, akhirna, jadi sumber kajagjagan jeung kasehatan anjeunanana.         Ku kituna, yu atuh urang piara Taqwa teh dina awak urang sarerea!, malah mandar aya guna keur karaharjaan kahirupan. Tangtuna, Taqwa, ngajamin kasalametan manusa di dunya, jeung di alam jaga.
Ku lantaran hal eta pisan, Alloh SWT, mosisikeun manusa nu Taqwa, jadi manusa nu pang pinunjulna. Eta manusa, jadi jalma mulia. Di dunya, tur di alam sampeureun jaga. Pidawuhna:
إن أكرمكم عند الله أتقاكم
"Jalma nu pangmulyana diantara aranjeun, mungguh Alloh SWT; Nyaeta jalma nu pang-Taqwa-na". (Al-Hujurot: 13).
Ku kituna, darajat Taqwa pisan, nu kudu jadi udagan kahirupan kaum Muslimin dina ngeusi alam pawenangan dunya ieu.
Kitu tah, Agama Islam ngatik kehirupan manusa, anu bibit buitna mah dipitembeyan ku Tauhid. Tina Tauhid nyebarkeun Iman jeung Amal soleh. Akhirna, Amal ibadah anu dijiwaan ku Iman tur diraksa tuluy-tuluyan, ngahudangkeun hiji sikep hirup kaum muslimin, nu pinilih. Ku margi kitu, upami dina hirup kanagaraan jeung kamasyarakatan, Taqwa jadi jejerna, Taqwa dijadikeun tihang, Taqwa dijadikeun modal ngabangun bangsa, dimana pangawasa jeung rahayat, pada hidup Taqwa, tanwande kahirupan kanagaraan teh kenging karunia sareng Ridlo Alloh SWT.
Sok upami salawasna, pangawasa jadi puseur tuladeun rahayat, kaamanan, katengtreman, tanwande bakal ngajentre. Tangtuna, moal aya masalah nu teu bisa kaselesaikeun, rahayat beunghar, pamarentah ngeunah. Tapi lamun sabalikna, tangtuna, rahayat kalaparan jeung silih pitnah. Pamarentah, guligah jeung silih bantah. Dawuhan Alloh SWT:
ولو أن أهل القرى امنوا واتقوالفتحنا عليهم بركات من السماء والأرض           ولكم كذبوه فأخذناهم بما كانوا يكسبون. (الأعراف: 97)
Hartosna: "Lamun seug pengeusi hiji nagri ariman sarta taraqwa, tanwande Kami maparin Kurnia ka maranehna, ku rupa-rupa berkah ti langit jeung ti bumi. Tapi maranehna ngabarohongkeun, nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna, alatan mangpirang hal nu diusahakeun ku maranehna".
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Danget ieu pisan, saat Idul Adha, yu urang mitembeyan lengkah, ngamimitian hirup ku ka-Taqwa-an. Kumpulna urang sadaya di ieu Masjid, sing janten pahala, Kanggo Ibu Rama, Aki-Nini, Uyut, jeung saterusna.
Oge para suami atanapi para istri, nu tos ngarantunkeun urang sadaya. Sing ditarima amal-ibadahna, dijauhkeun tina siksa kubur, dilenglangkeun pangsareannana.
Kanggo urang nu masih kumulendang di dunya, sing jadi tambah getol Ibadah, sing jadi Karasa nikmatna, Sholat!; Sing jadi karasa nikmatna berkulawarga jeung boga imah; Sing jadi karasa nikmatna jadi    Suami-Istri jeung boga budak; Sing jadi karasa nikmatna ibadah di ieu Masjid. Do'akeun para Jama'ah al-Hujjaj, nu geus beres, ngarengsekeun sakabeh manasik Haji, ngabalang Jumroh, Towaf, sareng Sa'I, anu dimimitian ku kumpul di Arofah. Sing mulang, jadi Haji Mabrur, bersih, suci, lir orok nu kakara lahir.




Kacida bagjana, khususna, urang nu kumpul di ieu Masjid Tonjong,         tiasa ngawaler panggentra Nabiyulloh Ibrahim AS, ngabageakeun pangulem Alloh SWT, sasarengan sareng umat Islam sajagat sanesna, tiasa sumping ibadah Haji di Tanah Suci, Pangrereban Rosululloh SAW sareng Kulawargina katut Sohabat-Na. Pepejeuh, ayeuna pisan, awak urang ulah ngotoran deui lambaran hirup ku kadorakaan,… nyaah. Sucikeun hate, bersihkeun pikiran, pek hate deheskeun ka Alloh SWT, nga-Do'a, teu hese-eun keur Alloh SWT, nginditkeun urang ka Indung Masjid sa jagat, nu aya di Tanah Arab,  nyuhunkeun urang sadayana nu aya di dieu, sing tiasa sumping Ibadah di Tanah Mulia, Makkah sareng Madinah, Gedengen pendeman badan Rosululloh. Amiin.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
بارك الله لى ولكم ولسائر المسلمين والمسلمات انه هو الغفور الرحيم.
KHUTBAH KA DUA
الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر-                    الله اكبر- لا إله الا الله هو الله اكبر ،  الله اكبر ولله الحمد.
 الحمد لله الذى كل شيئ فقدره تقديرا. اشهد ان لا اله الا الله الذى جعل الليل والنهار. واشهد أن محمدا عبده و رسوله وكان عبدا شكورا.اللهم صلى على سيدنا محمد وعلى ازواجه واولاده وأصحابه وتابعه وأمته ومن تبعهم بإحسان ليلا ونهارا. أما بعد: فيا عباد الله إتقوا الله وأذكروه ذكرا كثيرا. اللهم إغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين  والمؤمنات . الأحياء منهم والأموات . اللهم سلامتا لنا ولعبادك الحجاج  والغزاة والمسافرين والمجاهدين من أمة محمد أجمعين. اللهم أعز الإسلام والمسلمين. وأخذُل الكفرة والمشركين . اللهم إدفع عنا البلاء والوباء والفخشاء والمنكر والبغي. من بَلَدنا هذا خاصه ومن بلدان المسلمين عامة. وتب علينا إنك أنت التواب الرحيم. ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى الأخرة حسنة وقنا عذابا النار. والحمد لله رب العالمين.  
  

Khutbah 1

الحمد لله حمدا همه التجمل بلباس التقوى ليرضي مولاه. اشهد ان لا اله الاالله وحده لا شريك له الذى اية العقل العناية بالعمل لرضاه. واشهد ان محمدا عبده ورسوله اجل العالم بلباس التقوى. اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى اله واصحابه ومن تبع هداه . اما بعد : فياعبادالله اصيكم واياي بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون .قال الله تعالى فى القرأن الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم : وتحسبونه هينا وهو عندالله عظيم.

Sabda kangjeng Rosul Saw. :
ان الشيطان قديئس ان يعبد في ارضكم هذه ولكنه  قد رضي ان يطاع  فيما سوى ذالك تحقرون من اعمالكم
Hadirin sidang jum’ah   رحمكم الله
Hadits anu nembe dibaca, kapungkurna kantos dikhutbahkeun ku kangjeng Rosul dipayuneun rebu2 jamli anu nuju marunggah haji anu dina waktos harita, tos tertanam kaimanan dina atina.
Anu hartosna eta hadits kirang langkungna kieu : “ Syetan pernah putus asa tina disembah atanapi diturut kahayangna ku aranjeun. Tapi syetan bakal sugema mun aranjeun ngalakukeun perkara nu teu pira padahal nyimpang tina agama “.

Hadirin sidang jum’ah   رحمكم الله
Syetan moal ngagoda deui ka urang sina nyembah patekong, moal nitah ka urang sadayana supaya nyembah berhala, namung Syetan bakal ngagoda ku perkara anu kuurang sadayana dianggap teu pira, perkara anu ceuk urang kasebatna moal kukumaha dipidamelna.
Syetan bakal teras ngagoda ka umat Islam najan tos gaduh tauhid dina atina, bakal ngusrukkeun ku jalan jeung amal anu kuurang dianggap biasa, teu parna ceuk sangka, siga teu nanaon mokahana, siga teu aya matakna, siga haram lumayan, siga ma’siat pupulasan, dianggap remeh padahal matak ngaruag kana katauhidan matak tigebrus kana jurang kama’siatan, nyimpang tina ilmu darigama, matak ngalanggeung keun dina naraka.
Dawuhan Alloh dina al Qur’an : Surat an-Nur ayat ka 15 :

وتحسبونه هينا وهو عندالله عظيم

Turta aranjeun nyangka yen eta teh perkara leutik, padahal eta teh mungguhing Alloh mah perkara gede.

Dina hadits diterangkeun yen kaom munafiq mah kana dosa teh lir kana laluer ngarasa yen aya gangguanana, tapi ngan cukup kuditepak lumayan bae, ciga tukang pindang nepak laleur ku sapu daunna. Padahal anu bahaya teh anu alit. Ceuk paripaosna kabeureuyan mah tara kutulang domba tapi angger bae ku cucuk asina.

Hadirin sidang jum’ah   رحمكم الله
Khutbah Rosululloh saw. anu tug dugika ayeuna parantos + 13 abad teh, ayeuna peryogi teras diperhatoskeun, peryogi dijantenkeun panggeuing supados apik oge taliti, salianti ulah kebureuyan ku barang mokaha teh, ulah kacandak ku arus zaman anu mawa kana jurang kama’siatan, anu teu karaos sarta teu rumasa bobolokot ku dosa, lantaran geus biasa.
Oge diantawisna deui anu sok dianggap enteng dina waktos2 ayuena, dina mangsana angin barat niup kacida tarikna nu khususna ngalangkungan media tontonan, anu narik perhatian balarea, seueur anu ditirona, nepika teu saalit istri zaman kiwari anu tos teu isin nembongkeun imbitna atanapi ngannggo raksukan anu nyitak awak nu akhirna matak narik birahi lawan jenisna. Memang hal ieu siga teu pira, sarta kadang tos teu jadi sawala, sabab lumrah. Dugika seorang ulamapun berkata yg tidak wajar “bagi saya tidak apa karena saya tidak pernah melihat dan tidak pernah meraba”.
Patali sareng kapesatan, kamajuan zaman sarta masing-masing pada gaduh keresep, leresan dieu peryogi janten perhatosan yen anu disebat remeh teh kacida pentingna, margi akibatna matak cilaka sadayana.
oge dina al-qur’an diterangkeun yen ieu bumi teh bakal diwariskeun ka hamba2 anu shaleh. Janten kashalehan diri kashalehan balarea umumna janten syarat muthlaq pikeun narima ieu dunya nganggo aturan robbul ‘alamin.
Hal ieu kalebet sesah, tapi lamun ilahar sina janten usum oge sadayana ngaikhtiarkeun, tangtu sagala hal anu dipandang “Haayinun” enteng teh moal dianggap tetek bengek.
Sarta lamun pada ngantep tangtos hate janten ngabata, malah langkung teuas batan batu, sateuas teuasna batu, cai mah nyerep rembes, sarta sakumaha teuasna oge masih tiasa dibubukkeun, namung hate jalmi dimana tos bedang basangkal “Asaddu Qoswatan” langkung teuas, nasehat teu nyerep, ancaman teu teurak. Kacida anehna melak cau jadi cau, melak buah jadi buah, naha ari melak iman bet buahna ma’siat , ieu taya sanes bongan kaburu nyadas, kabujeng ngabata, malah langkung teuas batan batu.
Muga2 urang sadaya dijaring tina sagala dosa, sarta dipingpin ku rahmat sareng hidayat dunya akhirat.

بارك الله لى ولكم بما فيه من الأيات وذكر الحكيم وتقبل الله منا ومنكم تلاوته وتعليمه إنه هو السميع العليم.


Khutbah ka 2
الحمد لله الذي جل وعلى واشكره شكر من عوفي من البلا . واتوب اليه من كل معصية قولا وفعلا . اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك له ولا ممثلا , واشهد ان سيدنا محمدا عبده ورسوله ذو المقام الاعلى .اللهم صل وسلم سيدنا محمد واله واصحابه الذين نالوا الدرجات العلا.
اما بعد : اوصيكم واياي بتقوى الله فى سر وعلانية والاقتداء برسول الله .فعليكم باداء الفرائض من الصلوات والزكات والصوم والحج ان استطعتم اليه سبيلا .
اعوذ بالله من الشيطان الرجيم : واتقوا يوما لاتجزي نفس عن نفس شيئا ولا تقبل منها شفاعة ولا يؤخد منها عدل ولا هم ينصرون.
 اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وبارك وسلم أمين...أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات إنك سميع قريب مجيب الدعوات ياقاضي الحاجات , اللهم بشفاعة رسول الله صلى الله عليه وسلم إرفع لهم الدرجات وضعف لهم الحسنات وكفر عنهم السيئات وأدخلنا الجنة مع الأباء والامهات, ربنااغفر لنا ذنوبنا ولإخواننا الذين سبقون بالإيمان ولاتجعل فى قلوبنا غلا للذين أمنوا ربنا إنك رئوف رحيم, ربنا أتينا فى الدنيا حسنة وفى الأخرة حسنة وقنا عذاب النار.
عباد الله إن الله يأمركم بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفخساء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون ولذكر الله أكبر  استغفر الله لى ولكم.
Miftahul Huda 12 Juni 2003 M

الحمد لله الذى ارسل محمدا رسولا الى كافة الخلق وانزل معه الفرقان ودين الحق وهدانا الىالصراط






 

    
 



      


    
  
     

















Tidak ada komentar:

Posting Komentar